Di handap aya sawatara conto kecap kantétan dumasar kana cara pikeun pangwangunna:
1) Kantétan kecap jeung kecap, contona: julang ngapak, héjo tihang, randamidang, panonpoé, beureum panon.
2) Kantétan kecap jeung cakal, contona: kurang ajar, garo singsat, anjang sono, kagok asong, kunang iteuk.
3) Kantétan cakal jeung cakal, contona: adug lajer, pakan kundang, adung songkol, huleng jentul, halang rintang.
4) Kantétan kecap jeung morfem unik, contona: sabar darana, hésé béléké, bérés roés, keukeuh peuteukeuh.
5) Kantétan nu susunan unsur pangwangunna henteu sagemblengna produktif, contona: dulang tinandé; euweuh boboko tinandé atawa halu tinandé, burusut tuluy; euweuh barakatak tuluy atawa torojol tuluy.